PAJAJARAN ANYAR
PRODUSER : IBU NOVIYANTI MAULANI
KONSEPTOR : R.A EVI SILVIADI
PROJECT/GENRE : CETA (JAIPONG KREASI)
SANGGITAN : ARIE KOEN
KENDANGER :AKBAR WARDIANSYAH
JURU KAWIH : NENENG WIDAYAH
JURU ALOK : FAHMI RUHYATNA
PARAGUNA : N.N EXPLORE
STUDIO : KOEN STUDIO
VISI : Ngabuktikeun ngadegna Pajajaran Anyar
MISI : Nangtukeun Sikep Urang teh hiji bangsa.
TEMA : HUDANG TANDANG JUANG, MEUNANG (BANGKIT, BERJUANG DAN MENANG)
KARAKTER : GAGAH, LUNGGUH (GALUH)
SINOPSIS : Di Pajajaran Anyar, Rahayatna nu miboga Kadaulatan tara kabawa ku sakaba kaba, nangtung pribadi sewang sewang dina rasa kasumangetan ngawangun dina wawangunan nu di adeg keun ku Rajana nyaeta Rahyang Mandala Jati.
KASANG TUKANG
Hiji momentum maksud dina dua Dimensi anu beda.
Nantrat dina sajarah aya hiji Kasultanan keur nanjung mayung taun 1517 -1924, di Turki nalika kilafah Ottoman ngadeg, sabada karuntuhan na, kiwari Umat lir kasengsrem ati pikeun mulangkeun kajayaan nu kawas mangsa Kilafah Ottoman harita.
Di hiji dimensi atawa di lain sisi, Urang Sunda kiwari miharep oge kana kajayaan para Luluhurna nu kungsi ka cangking. Karajaan Sunda jeung Galuh nu kungsi ngahiji jadi hiji ngaran Pajajaran.
Kacarita dina lagu Wangsit Siliwangi yen Pajajaran kungsi jadi Payung Kaadilan, tengtrem ayem Kerta lan Raharja. Kacatur bibit kajayaan na urang Pajajaran teh sihoreng arahli Dagang, katawis aya hiji Pelabuhan nu rongkah pikeun lalu lintas perdagangan internasional, katelah nagaran ka awun awun nyaeta “Sunda Kalapa”
Kacatur wangsa Eropa nyaeta Walanda nu kasang tukangna ka keueum nagarana, dina raraga usaha dagang oge, nalika nempo lemah Pajajaran nu sakitu Suburna kasengsrem, aya maksud pindah pamarentahan na (bukti wawangunan Gedong Sate ngadeg).
pikeun ngawasa lemah pajajaran aya tarekah pikeun ngarebut Sunda Kalapa.
“Adu Domba antara papada kula di buran sorangan”
Walanda nyipta Kasultanan hiji sistem hirarki di bungkus ku ajaran Timur tengah.
Hiji hijina tarekah pikeun ngawasa hiji daerah teu make waragad badag, kajaba ti ngadu domba, nya hiji hal nu dianggap Fundamental pisan antawis Ajaran jeung Ageman di adu.
Genosida di pake tarekah ku Walanda. Nepi Ka Sunda Kalapa beunang.
Pajajaran nu dipika cinta teu lila runtag.
Kiwari Momentum ieu baris jadi Tarekah pikeun mulangkeun Kajayaan Pajajaran ku cara ngelebetkeun Pajajaran Anyar.
Struktur/ Pola Pengadegan Lagu Pajajaran Anyar
Adegan 1
Di Lebak Cawéné, tutugan Gunung Sunda,
alamna endah, reumbeuy ku teureuyeun, loba ku alaeun, hirup akur jeung batur tara paséa, nyangking hirup linuhung gedé ajén inajén an, ngalingkung masyarakat nu boga adab adaban jeung Kabudayaan Luhung, rahayatna hirup rukun tengtrem ayem, jarago Dagang di pasar Dunyaloka.
Adegan 2
Rongkahna, Ramatloka di gunjang ganjing, lir éar gumuruh Gunung Sunda nu ngabedega méré béwara aya Cilaka numatak gempar sajagat dunyaloka, Sunda Kalapa kabandang deungeun.
Adegan 3
Nyingray na lir Siraru napuk ka gebah ku banda mijah… rahayat Sunda paburincay ka 4 madhab Kaler Kidul kulon wetan….
Adegan 4
Gancang na carita…. Sanajan leuir wancina, di lemah Nusantara jadi mindah rupa buuk hideung teh di ganti jadi buuk beureum nepi ka ka kiwari. Hukum jeung Atikan teh pindah make nu deungeun, sangkan bisa miluan ngolah lemah cai nu geulis camperenik.
Adegan 5
Kacarita di Lemah cai Sunda… liwat na mang abad abad seuweu Siwi na geus ilang ciri jati dirina nalika loba nu ngarasa ku rupa rupa nyumponan kahayang dina kakawasaan, sihoreng geus ganti ngaran.
Eusi jiwa na geus beunang ka bobodo tenjo, geus lali ka temah wadina… Sunda kari ngarana alatan padonca donca, budaya na ganti rupa.
Adegan 6
Trahing Raja, di lebak cawéné, nu ngarasa taya daya, ngeureuyeuh nikreuh, nyipta tatanan kaagungan nu kungsi aya, Pajajaran Anyar ngawangun tahta Raja Pakeun Rahayatna.
Lemah caina nu ilang warna, ngababakan mitembeyan najan peurih, di taur kesang jeung loba korban, manggul pancén tanggung jawab pikeun Kahuripan rahayatna, mawa jaya mangsa baheula Pajajaran ilang. Odeng Ngagalagar, Niskala geus mere conto, Rahyang Mandala Jati geus ngadeg deui.
Adegan 7
Ka nu rek biluk hayu geura milu, nu nolak ulah kahalangan bisi ka teunggar ku lumpatna bangsa Sunda.
Gelar RAHYANG MANDALA JATI, Ngindungan Waktu Ngabapaan Zaman,
Jadi Indung Bapa na Rahayat nu harita diperdaya ku ka ayaan,
Tutugan Gunung Sunda, ti Lebak Cawéné seja ngelebetkeun nangtungkeun Kabudayaan atikan luluhur na…kiwari nu nunggu nunggu Pajajaran Anyar ngabedega.
#sunda #kendangjaipong #koenstudio #jaiponganterbaru #jaipong #giriharja #giriharja3 #giriharja3putra #giriharja2 #lakgaluhpakuan #galuhpakuan
@GiriHarja3PutraChannel @Pgh2Channel @PGH3Channel @JaipongNusantara @IndonesiaTari @kemdikbudRI27