KAPAL MÉNTA DUIT
Karya Darpan
Kapal ménta duit
Di dunya keur sarwa sulit
Loba nu gering loba kasakit
Loba nu teu kabeuli obat
Nu hutang salaput hulu
Hirupna teu maju-maju
Kapal ménta duit
Rék dipaké meuli baju
Meuli buku meuli sapatu
Nu mahal kabina-bina
Kapal ménta duit
Rék dibangun jalan lempeng
Ti kota ka imah kuring
Di sisi kebon nu jempling
Sisina lampu baranang
Kapal ménta duit
Mun teu méré kajeun teuing
Rék nungguan kapal séjén
Sugan aya nu béréhan
Dibacakan pada acara BimTek Revitalisasi Bahasa Ibu 2023 Kota Banjar
Deklamator : Jessica Purboyo
Juara 1 Baca sajak Putri Festival Tunas Bahasa Ibu jenjang SMP se Jawa Barat thn 2021 & 2022