Sajak Budak Pahatu Lalis|| Dadan Sutisna

Опубликовано: 13 Июль 2026
на канале: Jessica Channel
42,668
370

BUDAK PAHATU LALIS
Karya : Dadan Sutisna

Budak pahatu lalis
andriprek lebah trotoar
beungeut cérong dipulas kekebul kota
baju rangsak direwég ku kateuboga
tapi naha biwirna teu weléh seuri
tapi naha panonna teu weléh hurung
Budak pahatu lalis
hirup dibaturan karung
ngincer jalma-jalma
nu teu nyaho wadah runtah
Budak pahatu lalis
umat-imut hareupeun toko pakéan
nyérangkeun budak sapantar
keur ngajaran baju anyar
Budak pahatu lalis
neureuy ciduh di juru alun-alun
lalajo budak sapantar
ngahuapkeun roti bakar
Budak pahatu lalis
ngagibrig dikepung tiris
mapay peuting jeung girimis
teuneung nyorang titis-tulis:
sanajan hirup nunggelis
dipahing ragrag citangis

Deklamator : Jessica Purboyo
Juara 1 Baca sajak Putri Festival Tunas Bahasa Ibu jenjang SMP se Jawa Barat thn 2021 & 2022