@PapatahUrangSunda
JAMPE KAHIRUPAN SANGKAN RAHAYU
Lamun hirup di rundung kabingung
angkleung-angkleungan dina sagara kasusah
mangka enggal-enggal geura lakonan
nyukcruk piwuruk sepuh anu kapungkur
mapay papatah kolot baheula anu jembar
anjangan diri sorangan
korehan satiap lengkah anu geus katincak
emut-emut dina sajeroning ati
lamun aya kasalahan buru-buru geura paluruh
satiap kajadian nu ku urang karandapan ayeuna
eta jawabanna aya dina mangsa katukang
jeung satiap nu ku urang rek dilakonan isukan
mangka eta nangtukeun mangsa kahareupna
moal aya akibat mun teu aya sababna
satiap perkara nu bijilna ti urang
mangka pasti bakal mulang deui ka urang
jaga riksa, tekad, lampah, ucap dina kagorengan
sabar, pasrah, tawekal dina kahirupan
deukeutan jeung lakonan satiap parentah ti pangeran
jauhan jeung singkahan satiap nu di carek ku pangeran
#pepeling
#pepelingdiri
#papatahsunda