Kudu akur jeung dulur

Опубликовано: 16 Август 2026
на канале: RIYU HANZ_ABYAN
19,682
122

‪@PapatahUrangSunda‬

Assalamualaikum warohmatullohi ta'ala wa barokaatuh..

Pepeling sunda kolot baheula, di iringan ku suling sunda.

hampuraning sagala rasa pikeun nu jadi carita
hampuraning sagala rasa pikeun jalma" nu aya di alam dunya

niti wanci dibumi kedah silih teu pa aing-aing nanging kedahna saling dina sajeroning pepelingna.
ulah ngarasa aing pang benerna, ngarasa aing nu sagala bisana, ngarumasa aing dina sajeroning kabenerana.
carita nu ngandung harti pikeun ngabuktikeun yen hirup teh kedah silih ajenan.
ulah ngarasa ngewa ka anjeuna, dumeh anjeuna teu sa arah jeung anjeun.
ulah dumeh manehna nu ngarasa pangbenerna, egois gengsi dina atina, pikeun embung ngaku kasalahana, eta teh nu akhirna boga rasa niatan hayang kupur kabatur, pikeun anjeuna mundur.
hirup mah kudu malik warna kurupa,
nu hina nu ngarasa bodo, dina sagalaning tetenjoana
nu bisa ngabukti dina kalawan kasalahan papadana.
harti semar cangkang pihinaeun eusi pi ajieun.

sapaneda rasa pikeun sasama saling teu pa aing-aing ulah nyalahkeun ka jalmana tapi kedah ngamaklum kana kahilapana.
omat anaking ulah wani-wani nyawang mun teu ka sawang
jeung ulah wani-wani menca lamun teu bisa mencana, bisi babak belur
nu hartina ulah wani-wani nyarita luhur, lamun teu saukur
jeung apal harti jeung eusina.
bisi naun? bisi pinter kabalinger embung di bener-bener ku nu jadi dulur.

dimana aya dulur nu rada ngabalieur sok di anteur sangkan jdi bener.
ulah nimbulkeun nuduh kupur nu ujungna silih gempur pikeun jadi teu alakur.
nu salah mah kudu di pikir heula, kudu bisa ngabulak balik pikir pikeun teu jadi kikir kabatur.
nu jadi pambener sok anteur ku ti kajauhan, dina sajeroning anjeuna teu narima kasalahana, sabab anjeuna kalingkupna ku gengsi.
silaturahmi pikeun silih patali tali ati
pikeun diri teu kasamar lampah
teu gagabah dina maripolah.

#papatahsunda
#pepelingsunda
#suling