@PapatahUrangSunda
PAPATAH SUNDA KOLOT BAHEULA, PEPELING SUNDA DINA KAHIRUPAN
Pepeling atawa papatah teh lenyepaneun, sangkan kaharti ku ati jeung kahontal ku akal.
sakaligus jadi petunjuk keur kahirupan manusa, lahir sareng batinna, dunya sareng aheratna.
anaking jimat awaking..
asa cikeneh hidep teh dipapangku ku bapa
ayeuna geus jalugjug jangkung rek ngudag ka bapa
asa kamari hidep ngingiclik
di tungtun ku bapa, ayeuna teu karaos
tos tiasa nalang ka bapa
anaking jimat awaking
bapa rek mere papatah ka hidep
ngarah bapa teu melang
dina mangsa na mulang ka pangeran
supaya bapa teu risi dimana wancina balik ka gusti
yeuh..gera regepkeun ku hidep
bapa mah lain hayang di bere emas inten berlian
bapa mah lain hayang di pukpruk ku dunya
oge bapa mah teu ngarasa bangga
hidep boga pangkat jeung jabatan
bapa mah hayang hidep cageur, bageur
teu codeka dina kahirupan
hidep kudu salawasna taat jeung patuh ka pangeran
sadirik dumading, sarengkak saparipolah
teu weleh eling ka gusti
mihape panon jeung ceuli bapa
ulah nepi ka ninggali hidep aya dina kasasaran
hidep ulah nepi ka aya dina kamungkaran